Jungjunan Teu Geura Sumping
ku : Dian Héndrayana
Geura sumping atuh jungjunan
Bari imut, sumangga, seug bari imut
Éta cisoca nyaah temenan limpas tina sungapan
Da kapan ieu walungan rasa
Geuning teu weléh ngolétrak suda katresna
Naha teu geura sumping atuh jungjunan
Kapan pepetétan nu salawasna disiram diriksa
Tur érmawar nu kedahna sumedang ligar
Kantun pogor, deudeuh teuing mung kantun pogor
Ilang sari ilang dangiang
Digelay rupining sato barangasan
Saéstuna, ieu lemah katut caina
Sarta pirang-pirang eusina
Kantun bangkarak nu marakayangan
Di satengahing sato-sato nu dadangsaan
Geura énggal sumping atuh, duh sosoca kalbu.
Désémber 1993
tina : Jemplang Bulan Ilang,