Kado Pernikahan
ku: Teddy A. N. Muhtadin
Waktu pasini diréngkolkeun dina lalayang
jeung kereteg dibeulitkeun dina jariji
urang terang, dina kecap
teu weléh aya tapak anu lunta, biheung ka lebah mana
dina tanda teu weléh aya nu renghat
Ku kituna
saperti sumpah atawa kawaringkasan
jangji jeung kereteg teu weléh kudu dicakra
turta dibaca jeung dibaca
salawasna
(2004)