Kamis, 05 Desember 2019

Fiksimini Basa Sunda


Fiksimini diwangun ku dua kecap, fiksi jeung mini. Fiksi téh sarua jeung carita rékaan. Karangan. Anu dumasar kana imajinasi. Sedengkeun mini, hartina pondok. Pondok pisan. Jadi fiksi mini mangrupa karangan dumasar kana imajnasi, nu miboga ukuran leuwih pondok tibatan carpon.
Fiksimini kauger ku jumlah kecap anu ditangtukeun antara 100 nepi ka 150 kecap. Fiksimini kaasup salah sahiji génré anyar dina karya sastra. Ku kituna, fiksimini kudu miboga:
1.             Unsur hiburan;
2.             Mangpaat keur pamacana
3.             Aya ajén kahirupan nu alus; jeung
4.             Luyu jeung kamandang sastra nu mangrupa jalan kaopat pikeun ngahontal bebeneran (agama, élmu, filsafat, jeung sastra).

Lélé
Banjir ayeuna mah teh apal wayah. Euweuh usumna. Taktak gé asa euweuh mendingna. Kétang aya. Biasana banjir kieu mah, sok dituturkeun ku banjir lélé. Sainyana mun banjir téh, siga nu beunang malidkeun ti girang. Susukan jadi pinuh ku lélé. Sakali mangsa jorojoy hayang apal, saha nu ngencarkeun lélé téh. Dicukcruk. Disusud ka girang. Bisi aya situ limpas. Atau nu kulah nu caah. Ari bréh téh geuning, réwuan lélé pating sérépét tina pamiceunan limbah rumah sakit. Cék petugas rumah sakit mah, pajarkeun parabna gé daging sésa operasi. Paingan baradag. 

dicutat tina Kalakay, Kumpulan Fiksimini Sunda (Deni Riaddy)