Ngeunaan
istilah "pakeman basa" dina sudaryat (2016) kaasup kana kecap kantétan anu diwangun ku dua
kecap, pakeman jeung basa. Ari kecap pakeman asal kecap pakem (kaasup kecap
rundayan) tina basa walanda, vakum nu hartina matok atawa angger. Nu dirarangkénan
tukang -an (hartina hal-hal nu patali jeung matok). Ari kecap basa hartina alat
nu dipaké ku manusa pikeun ngedalkeun eusi haténa, diwangun ku réntétan sora nu
puguh éntép sureuhna.
Nururtkeun salmon dina sudaryat
(2016) pakeman basa nyaéta kalimah atawa gundukan kecap nu geus dipatok, geus ditaker
diwatesanan, teu meunang robah, boh dirobah unina atawa éjahanana, boh dirobah najan
ngan saeutik.
Dina basa sunda, nu kaasup kana pakeman basa,
diantarana,
1.
Kekecapan, nyaéta kecap-kecap atawa gundukan kecap nu geus jadi omong-omongan atawa
kailaharan, hartina langsung atawa henteu ngandung harti injeuman.
Contona:
“Teu éléh géléng” teu éléh kakuatan.
2.
Babasan, nyaéta
nyaéta sawatara kecap anu disusun nu hartina teu sarua jeung harti
sawajarna, tapi biasana geus kamaphum ku saréréa, ieu pamadegan nurutkeun Satjadibrata,
dina sudaryat (2016).
Contona:
“Hampang Birit” teu hésé atawa teu kaléked
dititah.
3.
Paribasa, nyaéta ungakara winangun kalimah
atawa klausa nu kekecapan katut susunanana geus matok, tur maksudna geus puguh,
biasanan ngandung harti babandingan minangka siloka lakuning hirup manusa.
Contona:
“Ngajul Bulan ku Asiwung” boga kahayang nu
pamohalan kalaksana.
4.
Kecap kiasan, nyaéta kecap nu hartina
dipapandékeun kana harti kecap séjén, atawa ngandung harti konotatif.
Contona:
“Emang mah atuh da léah teuing” léah
hartina ngéléhan teuing.
5.
Rakitan Lantip, nyaéta susunan kecap-kecap
atawa kalimah anu dihartikeun ku kabiasaan, lantaran teu henteu dipokkeun langasung
maksudna.
Contona:
“parantos ngaleueut?” lain nginum maksudna mah,
tapi ngadahar lalawuh.
6.
Cacandran, nyaéta panataan kana pasipatan
tempat anu dibalibirkeun.
Contona:
“bandung heurin ku tangtung”
Bandung téh puseur dayeuh provinsi Jawa Barat,
kaasup kota gedé, réa paguron luhur, loba warga nu daratang ti jauhna. Atuh munasabah
lamun Bandung téh gegek padumukan (rayatna), tur geus heurin usik.
7.
Uga, nyaéta mangrupa tunjuman atawa ramalan
ngeunaan parobahan nagara.
8.
Candrasangkala, nyaéta kaweruh anu nataan atawa
ngadadarkeun waktu kajadian anu geus ditangtukeun atawa disebutkeun ku karuhun
jauh saméméh kajadian.
Contona:
Panca
|
Pandawa
|
Ngemban
|
Bumi
|
5
|
5
|
2
|
1
|
Ieu téh nuduhkeun waktu ngadegna
karajaan pajajaran, dina taun 1255 saka, ari dina taun maséhina 1255 + 78 =
1333 Maséhi.
9.
Caturangga, nyaéta kaweruh pikeun mikanyaho
tanda-tanda atawa perwatek kuda, hadé goréngna pikeun diingu.
10.
Caturangga Ucing.
11.
Repok., nyaéta tujuman anu aya patalina jeung
cara nganyahoankeun alus henteun nasib dua jalma nu rék laki rabi.
Sudaryat, Yayat (2016) Pakeman bahasa sunda. Bandung: PT Dunia Pustaka Jaya.
Sudaryat, Yayat (2016) Pakeman bahasa sunda. Bandung: PT Dunia Pustaka Jaya.