Selasa, 26 Februari 2019

Lirik Lagu Néng Dila - Sekar Impian

Sekar Impian (ᮞᮨᮊᮁ ᮄᮙ᮪ᮕᮃᮔ᮪)
Cipt : Dian Héndrayana (
ᮓᮤᮃᮔ᮪ ᮠᮦᮔ᮪ᮓᮢᮚᮔ)

Kembang katresnan
Wangi kahyangan
Sekar impian
Kanggo panutan

ᮊᮨᮙ᮪ᮘᮀ ᮊᮒᮢᮨᮞ᮪ᮔᮔ᮪
ᮝᮍᮤ ᮊᮠᮡᮍᮔ᮪
ᮞᮨᮊᮁ ᮄᮙ᮪ᮕᮤᮃᮔ᮪
ᮊᮀᮌᮧ ᮕᮔᮥᮒᮔ᮪
Munggaran tepang
Ligar kasmaran
Sekar pujaan
Mekar kembangan

ᮙᮥᮀᮌᮛᮔ᮪ ᮒᮨᮕᮀ
ᮜᮤᮌᮁ ᮊᮞ᮪ᮙᮛᮔ᮪
ᮞᮨᮊᮁ ᮕᮥᮏᮃᮔ᮪
ᮙᮨᮊᮁ ᮊᮨᮙᮘᮍᮔ᮪
Teuteup deudeuh ti jungjunan
Manteng héman kula kélingan
Meungkeut sarwaning lamunan
Jangji asih manjang harepan

ᮒᮩᮒᮩᮕ᮪ ᮓᮩᮓᮩᮂ ᮒᮤ ᮏᮥᮀᮏᮥᮔᮔ᮪
ᮙᮔ᮪ᮒᮨᮀ ᮠᮦᮙᮔ᮪ ᮊᮥᮜ ᮊᮦᮜᮤᮍᮔ᮪
ᮙᮩᮀᮊᮩᮒ᮪ ᮞᮁᮝᮔᮤᮀ ᮜᮙᮥᮔᮔ᮪
ᮏᮀᮏᮤ ᮃᮞᮤᮂ ᮙᮔ᮪ᮏᮀ ᮠᮛᮨᮕᮔ᮪
Angin lirih ti mumunggang
Ngelus tresna lir nu ngusapan
Duaan silih puntangan
Geugeut pageuh dina rangkulan

ᮃᮍᮤᮔ᮪ ᮜᮤᮛᮤᮂ ᮒᮤ ᮙᮥᮙᮥᮀᮌᮀ
ᮍᮨᮜᮥᮞ᮪ ᮒᮢᮨᮞ᮪ᮔ ᮜᮤᮁ ᮔᮥ ᮍᮥᮞᮕᮔ᮪
ᮓᮥᮃᮃᮔ᮪ ᮞᮤᮜᮤᮂ ᮕᮥᮔ᮪ᮒᮍᮔ᮪
ᮌᮩᮌᮩᮒ᮪ ᮕᮌᮩᮂ ᮓᮤᮔ ᮛᮀᮊᮥᮜᮔ᮪
Sekar impian kang mas
Simpay asih nu duaan
Anteng nyambuang
Seungitna wangi sataman
ᮞᮨᮊᮁ ᮄᮙᮕᮤᮃᮔ᮪ ᮊᮀ ᮙᮞ᮪
ᮞᮤᮙ᮪ᮕᮚ᮪ ᮃᮞᮤᮠ ᮔᮥ ᮓᮥᮃᮃᮔ᮪
ᮃᮔ᮪ᮒᮨᮀ ᮑᮙ᮪ᮘᮥᮃᮀ
ᮞᮩᮍᮤᮒ᮪ᮔ ᮝᮍᮤ ᮞᮒᮙᮔ᮪

Tidak ada komentar:

Posting Komentar